SAWANDANA
Sesebutan ka jalma di urang Sunda mah kacida reana. Ari anu dijadikeun patokanana aya opat rupa nyaeta :
A. Nyokot tina patokan bedana umur
B. Nyokot tina patokan rupa,wanda jeung kaayaan
C. Nyokot tina patokan tingkah laku
D. Nyokot tina pangkat jeung pagawean.
A. SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN BEDANA UMUR
Jabang bayi : orok anu masih di jero kandungan
Orok : ti mimiti dilahirkeun nepi kabisa diuk
Budak : mimiti bisa diuk nepi ka rumaja
Lelengkah halu :budak keur diajar leumpang
Kembang buruan :budak keur sesedengna pikayungyuneun
Bilatung dulang :budak keur sesedengna beuki dahar
Parawan, cawene, mojang :awewe nincak rumaja (can kawin)
Jajaka, bujangan :lalaki nincak rumaja (can kawin)
Parawan jekekan :keur sesedengna rumaja
Bujang jengglengan :keur sesedengna rumaja
Beger :mangkat birahi, awewe resep ka lalaki, Lalaki mimiti bogoh ka awewe
Baleg tampele :beger nudibarengan rasa era (sieun)
Galak sinongnong :beger pikeun lalaki, ari ti kajauhan wani Tapi ari geus deukeut era
Turun amis cau :Awewe nu mimiti kaluar buuk lemes tina Luhureun tarang cirina sorana halimpu Jeung resep dangdan atawa ngageulis
Sengserang panon :awewe keur sesedengna resep ka lalaki
Ngemboan :lalaki sorana ngagedean, badanna sembada Jeung mimiti bijil kumis
Bujang tarangna :lalaki geus kawin tapi can nikah
Parawan kolot :umurna geus kolot can boga salaki
Bujang kolot:umurna geus kolot tapi can boga pamajikan
Randa :awewe anu geus ditalak ku salakina
Randa bengsrat :awewe anu geus ditalak tapi can kungsi kawin
Randa maesan:awewe anu ditinggal maot ku salakina
Turun karanjang:nikah ka adi beuteung
Gulangkep :nikal ka pamili
Beger mindo:beger ka dua (umur tilu puluh taunan)
Meunang umur:umurna opat puluh taun
Tengah tuwuh :umurna lima puluh taun
Cueut ka hareup:umurna lima puluh taun kaluhur
Tunggang gunung :umurna genep puluh taun ka luhur
Sengserang padung :geus kolot pisan
Tawehwoh :geus kolot, huntuna arompong
Tokroh-tokroh : geus kolot pisan , leumpangna geus kundang Iteuk
Pikun : geus kolot pisan,pamikiranana tos balik Balik deui ka budak
Pancakaki : rundayan katurunan contona : Indung bapa - anak - incu - buyut - bao - udeg, Udeg - janggawareng - gantung siwur - laer
Pancakaki sejenna :raka - adi - paman - bibi - uwa - toa - alo - suan - Adi misan - aki - nini - uyut
Dulur pet ku hinis :adi jeung lanceuk anu saindung sabapa
Dulur saindung :anu bareng dikandung ku indung
Dulur sabapa :anu bapana sarua
Dulur pateterean :salaki jeung pamajikan pada mawa anak waktu nikah
Dulur sasusu :anu bareng di susuanana
Dulur sabrayna,dulur misan :anak adi atawa anak lanceuk
Dulur mindo :anakna dulur misan
Kulawarga :indung bapa jeung anak
Pamili :nu saturunan atawa sakokocoran ti indung Bapa
Baraya :anu masih rundayan ti pancakaki
Deungeun-deungeun :batur (taya patula-patali sareng pancakaki)
Baris wali :lalaki turunan ti bapa
Panganten :lalaki awewe nuju ditikahkeun
Bebene :kabogoh lalaki
Beubeureuh :pisalakieun
Beubeureuh maneuh :salaki
Patih goah :pamajikan
Batur sakasur : salaki jeung pamajikan
B. SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN RUPA JEUNG WANDANA
Montok : awak seseg jeung sehat
Bongsor : haloghog = gancang ngagedean
Kutet : awak leutik bae Belekesenteng,buta tulang
Buta daging : Keur meujeuhna ras
Geulis : awewe anu boga rupa hade
Kasep : lalai nu boga rupa hade
Bahenol : awewe anu rupana taya cawadeun sarta Pikabitaeun
Songgeng : bujur nonjol ka tukang, cangkeng Dengkeng
Telebeng : teu aya cangkengan
Budayut : bureuteu / beuteung nyemplu
Gembru : budak lintuh
Lenggik : awewe nu cangkengna leutik
Ceking : awakna leutik
Bayuhyuh : lalaki lintuh
Bucitreuk : gede beuteungna wungkul
Pacer :bitisna leutik
Gembil : pipina lintuh
Bongkok : tonggongna bengkung
Bongkok meongeun : bengkung palebah punduk
Jebleh : biwir handap ngapleh
Jeding : biwir luhur nyudik
Dengkol : tarangna nongnong
Deleng : panenjona menceng
Ciriwis : buukna carang
Beke : awakna pendek
Peang : awakna kuru teusaimbang jeung Jangkungna
Pincang : sukuna leutik sabeulah
Pinjeg : tetepokanana luhur sabeulah
Rijep : matana sering ngerejep
Ngohngor : huntuna nonjol ka hareup
Tonggar : huntu luhur nonjol ka hareup
Deog pengkor: gempor teu bisa leumpang
Bedegul : awakna busekel
Bopeng : pipina pinuh kuceda urut cacar
Pecak : panonna teu nempo sabeulah
Bewosan : pipina jeung gado pinuh ku bulu
Sipit : siki panonna leutik (bangsa cina)
Bolotot : siki panonna gede
Rebing : daun ceulina rubak
Lolong : panonna teu nenjo
Rejeh : biwir panon beureum sarta caian bae
Pengkeh : sukuna upama nangtung saperti aksara O (polio)
Teklok : sukuna upama nangtung saperti hurup X (polio)
Egang : leumpang ngageang
Ponges : irungna cacad
Suwing : biwir luhurna beulah
Butak : buukna teu jadi saparo
Pireu : teu bisa ngomong
Torek : teu bisa ngadenge
Cadel : ngomongna teu bentes utama ngucapkeun Hurup R
Candael : ngomongna anca
Latah,gehgeran : sok nurutan omongan batur,teukaop reuwas
Saliwang : anu salah pangdengena
Sumbiar : upama nempo teu bisa mantep,kamana Karep
Mikung : ceulina leutik jeung daun ceuli kewung
Cameuh : gadona nyueut ka hareup
Kampeng : sirahna penjol
Jebrag : dampal sukuna meber ka gigir
Kiting : Ramona merengkel
Kampreng : leungeunna paeh teu bisa diobahkaeun
Cenggehan : Ramona aya nunempel (gene)
Keueusan : huntu budak anu teu jadi, jiga ompong
Karehol : huntuna teu beres
Galing : buukna merengkel
Galing muntang : galling tungtungna wungkul
Kempot : pipina ngalewo upami imut saperti liang Undur-undur
Bule : kulit jeung buukna bodas saperti walanda
Hideung santen : semu hideung jeung mulus beresih
Gondok : panyakit dina beuheung ngagayot
Sengkek : beuheung pondok
Ompong : huntuna parunglak
Harigu manukeun : dadana nonjol ka hareup
Taktak korangeun : taktakna mudun (saperti korang)
Hulu peutieun : huluna leutik teu saimbang jeung badanna
Beuteung anjingeun : beuteungna neros gede kaluhur (saperti Beuteung anjing)
Beuteung bangkongeun : beuteungna rubak ka gigir
Bengo : Sungutna menyon ka kenca/ka katuhu
www.salaka.net
This about Us Clik here : PENTING …!

Komentar
Posting Komentar
Komentarnya Dhong .... kritik atau saran atau apapun itu yang bersifat membangun...